kabayan keur sasarean di teras, ngaliwat juned, tuluy ngobrol...
juned : assalamualaikum
kabayan : wa'alaikumsalam
tos ti mana yeuh ?
juned : mulang ti jalan2 kang, panasaran nu ngarana Mall tea.
kabayan : sabaraha mall tadi di asupan ?
juned : aya 3 atawa 4 mah
kabayan : tuluy balanja naon tah ?
juned : teu balanja kang, mahal-mahal harga barang na. rek meuli mah di pasar weh, sarua barangna, harga leuwih murah.
kabayan : nya heug atuh, ngarah leuwih irit pan...
juned : sumuhun, tapi jadi loba manggihan awewe anu bupati jeung sekwilda
kabayan : wah, aya naon aparat pemda kabupaten ulin ka mall ?
juned : lain bupati jeung sekwilda nu eta maksad sayah mah.
kabayan : nu mana atuh ?
juned : bupati (BUka PAha TInggi2) alias marake calana pondok tur ngawet,,,
jeung sekwilda (SEKitar WILayah DAda) alias marake baju tank top nu lahak tea kang...
kabayan : oh, nu jiga di telepisi nya ?
juned : leres, tapi ieu mah di dunia nyata langsung.
kabayan : kutan,,,atuh tetempoan teh jadi mesum,,,hahaha
juned : heu, nya eta lah...
cenah nu balanja ka mall teh, kasebatna beunghar laloba duit. tapi make baju meni kirang bahan, pelit kana kaen,,,qqqqqqqqq
kabayan : jadi pikiraneun oge, rek dibawa kamana atuh bangsa ieu teh mun awewe na jiga kitu?
juned : sumuhun kang, abdi ge jadi inget carita rasul keur perjalanan isra dan mi'raj tea.
kabayan : nu bagian mana ?
juned : eta nu pas Rasul nempo naraka...pan caritana teh beliau jadi sedih, tuluy chating jeung para sahabat, anjeuna ninggali penghuni naraka teh lolobana awewe jeung jelema beunghar ( wanita dan orang kaya )