Wednesday, September 12, 2012

BU-PA-TI dan SEK-WIL-DA


kabayan keur sasarean di teras, ngaliwat juned, tuluy ngobrol...

juned : assalamualaikum

kabayan : wa'alaikumsalam
 tos ti mana yeuh ?

juned : mulang ti jalan2 kang, panasaran nu ngarana Mall tea.

kabayan : sabaraha mall tadi di asupan ?

juned : aya 3 atawa 4 mah

kabayan : tuluy balanja naon tah ?

juned : teu balanja kang, mahal-mahal harga barang na. rek meuli mah di pasar weh, sarua barangna, harga leuwih murah.

kabayan : nya heug atuh, ngarah leuwih irit pan...

juned : sumuhun, tapi jadi loba manggihan awewe anu bupati jeung sekwilda

kabayan : wah, aya naon aparat pemda kabupaten ulin ka mall ?

juned : lain bupati jeung sekwilda nu eta maksad sayah mah.

kabayan : nu mana atuh ?

juned : bupati (BUka PAha TInggi2) alias marake calana pondok tur ngawet,,,
 jeung sekwilda (SEKitar WILayah DAda) alias marake baju tank top nu lahak tea kang...

kabayan : oh, nu jiga di telepisi nya ?

juned : leres, tapi ieu mah di dunia nyata langsung.

kabayan : kutan,,,atuh tetempoan teh jadi mesum,,,hahaha

juned : heu, nya eta lah...
cenah nu balanja ka mall teh, kasebatna beunghar laloba duit. tapi make baju meni kirang bahan,   pelit kana kaen,,,qqqqqqqqq

kabayan : jadi pikiraneun oge, rek dibawa kamana atuh bangsa ieu teh mun awewe na jiga kitu?

juned : sumuhun kang, abdi ge jadi inget carita rasul keur perjalanan isra dan mi'raj tea.

kabayan : nu bagian mana ?

juned : eta nu pas Rasul nempo naraka...pan caritana teh beliau jadi sedih, tuluy chating jeung para sahabat, anjeuna ninggali penghuni naraka teh lolobana awewe jeung jelema beunghar ( wanita dan orang kaya )

No comments: